Jumat, 07 September 2012

Biantara Bahasa Sunda


Assalamualaikum wr.wb

Ibu pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat
Ibu miwah Bapak guru anu ku sim kuring dipihormat
Teu hilap sadayana rѐrѐncangan anu ku sim kuring dipikanyaah.
                                         
Puji sukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Agung, anu parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urang sadaya.Solawat sinareng salam urang sanggakeun ka Jungjunan Alam Nabi Muhammad saw. Jalaran dina danget ieu urang tiasa ngumpul ngariung dilapang SMPN 2 Cianjur dina raraga hari jadi Cianjur anu ka 335.

Cianjur ayeuna nuju milangkala anu ka 335.

Cianjur nyaeta kota anu sok disebut “Kota Tauco”. Naha makѐ disebut kota tauco? Kusabab tauco tѐh salah sahiji kadaharan khas Cianjur. Tapi kadaharan khas Cianjur lain ngan tauco hungkul, aya bѐas Cianjur, manisan Cianjur, sari kalapa Cianjur jeung sajabana. Mung, anu kasohorna nyaѐta tauco na tѐa. Jadi wѐh sok disebut “Kota Tauco”.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat.
Cianjur tѐh lain katelah ku kadaharana hungkul. Tapi Cianjur gѐ kasohor ku kesenianana, nyaѐta nu sok disebut Cianjuran. Naon cenah ari Cianjuran tѐh? Nyaѐta ngawih sunda anu dibarengan ku kacapi suling.
Salaku urang Cianjur, sakuduna urang milu mertahankeun kasenin Cianjuran ieu. Kusabab heunteu sadayana urang cianjur bisa Cianjuran. Salian kasenianana, lingkungana gѐ kudu dimumulѐ ku urang. Supaya Cianjur tetep kamashur, tentrem ayem.
Hadirin nu dipihormat!
Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa sareng tata-krama anu kirang merenah. Hatur nuhun kana perhatosana.

Wassalamualaikum wr.wb


Selasa, 07 Agustus 2012

about my self

Saya Dwinisa Nur Hamdillah, seorang pelajar dari SMP Negeri 2 Cianjur. Saya lahir diCianjur pada tanggal 27 September tahun 1998. Cukup sekian dan terimakasih :D